Lirik Lagu Darso - Balebat

Lirik Lagu dan Chord Gitar Darso - Balebat

Duh balebat gening geus katembong caang
Ngalangkangan carita nu maksa datang
Ieu hate teu benang disisilihkeun
Rek di pelang ku anjeun aduh jungjunan

Kembang ati nu mangkat igar na ati
Bodas nyacas gambaran harepan suci
Ngan hanjakal cinta urang kahalangan
Teu narima lamun kudu peupeugatan

Teu wasa mun tea kudu papisah
Geus kapalang deudeuh
Hate geus kapalang nyaah
Teu wasa mun kudu ngalaksa-laksa
Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna

Kembang ati nu mangkat igar na ati
Bodas nyacas gambaran harepan suci
Ngan hanjakal cinta urang kahalangan
Teu narima lamun kudu peupeugatan

Saestuna diri teu bisa kumaha
Sabab tangtu baris aya mamalana
Tapi hate sok sedih ku panangalna
Da rumasa boga rasa nyanding cinta

Teu wasa mun tea kudu papisah
Geus kapalang deudeuh
Hate geus kapalang nyaah
Teu wasa mun kudu ngalaksa-laksa
Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna
Teu wasa mun kudu ngalaksa-laksa

Dalah dikumaha meureun geus kieu kuduna.

Comments

Popular posts from this blog

Chord Gitar Sonia - Kau Sebut Namaku

Chord Gitar Arya Galih - Asmoro Lereng Lawu

Koleksi Chord Gitar & Lirik Lagu Darso Lengkap